Beranda Nama Kandang dan Patukangan dalam Bahasa Sunda
Postingan
Batal

Nama Kandang dan Patukangan dalam Bahasa Sunda

KANDANG/ TEMPAT

  1. Kandang hayam / domba / embe = paranje
  2. Kandang japati = pagupon
  3. Kandang kuda = istal / gedogan
  4. Kandang lauk = buleng
  5. Kandang maung (sato galak) = karangkeng/ gorogol
  6. Kandang munding = pakandangan / karapyak
  7. Kandang manuk = kurung

TUKANG / PATUKANGAN

  1. Anjun = tukang nyieun parabot tina taneuh
  2. Bujangga = tukang nyieun / nulis sastra\
  3. Candoli = tukang ngajaga pabeaan tinu hajat
  4. Gending = tukang nyieun parabot tina kuningan
  5. Kabayan = tukang di titah ka ditu kadieu
  6. Kamasan = tukang nyieun perhiasan tina emas
  7. Kuncen = tukang ngurus kuburan
  8. Legig = tukang ngasruk dina pamoroan
  9. Malim = tukang muruhkeun sato galak
  10. Maranggi = tukang nyieun sangku keris
  11. Nyarawedi = tukang ngagosok permata
  12. Pakacar = tukang pangaladenan / bujang
  13. Paledang = tukang nyieun parabot tina tembaga
  14. Palika = tukang teuleum
  15. Pamatang = tukang moro ngagunakeun tumbak
  16. Pamayang = tukang ngala lauk di laut
  17. Panday = tukang nyieun parabot tina beusi
  18. Paneresan = tukang nyadap
  19. Paninggaran = tukang moro ngagunakeun bedil
  20. Sarati = tukang ngusir / muruhkeun gajah.
Postingan ini dilisensikan di bawah CC BY 4.0 oleh penulis.