Beranda Pengertian Paparikan, Rarakitan dan Wawangsalan dalam Bahasa Sunda
Postingan
Batal

Pengertian Paparikan, Rarakitan dan Wawangsalan dalam Bahasa Sunda

Sisindiran nyaeta mangrupa karangan ka uger nu ngagunakeun rakitan basa di baligirkeun.

Sisindiran kabagi kana 3 bagian !

  1. paparikan
  2. rarakitan
  3. wawangsalan

Dina paparikan asal kecap dina parik hartina deukeut mun rarakitan asal kecap rakit harina rata/ papak
Paparikan jeung rarakitan dina sapada diwangun ku 4 padalisan, 6 padalisan jeung 8 padalisan. Paparikan jeung rarakitan oge ngabogaan cangkang (padalisan ka I + II) sedengkeun ari eusi (padalisan 3+4). Paparikan jeung rarakitan jumlah engang jeung sora pokalna padalisan ka I kudu sarua jeung padalisan ke 3, sedengkan kadua (2) kudu sarua jeung padalisan kaopat (4).

Paparikan jeung rarakitan ngabogaan sifat anu sarua :

  1. Silih asih
  2. Piwuruk
  3. Heureuy / Guguyon

Contoh paparikan :

Pucuk kawung di Galungung
Pucuk kalapa di pentos
Sahu nu di tiung sarung
Pantes diraksukan bodas

Wawangsalan

  1. Kembang bodas buah bunder, ngaheruk nya pipikiran (jeruk)
  2. Kadal gede saba darat, pareng alus bagja awak (bayawak)
  3. Hayam tukung saba gunung, uyuhan teuing nya diri (puyuh)
  4. Beas dibunan deui iraha atuh patepung (tipung)
  5. Gale di reka mesjid, nyapikir batin nu majug (tajug)
  6. Keuyeup gede saba laut, teu hae liar ti peuting (kapiting)
  7. Sarangenge bijil ti peuting, rek sabulan rek sataun (bulan)
  8. Abdi teh kapiring leutik, sok isin lamun patepung (pisin)
  9. Nya hujan taya eureuna, nya diri kalangkung agris (ngijih)
  10. Gagang gambang di sagara, ulah kapalang ngabela (kapal)
Postingan ini dilisensikan di bawah CC BY 4.0 oleh penulis.